Liwatan napigasi

lalakon hirup manusa henteu bisa leupas tinu ngarana buku. Buku teh hiji sarana pikeun nepikeun maksud manusa ka manusa nu sanesna. Ku ayana buku dunya jadi caang marakbak. Ari internet teh kumpulan tina buku-buku, numawi internet mah disebat na ge “perpustakaan raksasa”. Da di internet mah loba pisan anu bisa dipanggihan, contona kuring pernah nampi hiji artikel seni buhun :

SSKK, singketan pikeun Sanghyang Siksakandang Karesian, naskah Sunda kuno
oge

Ieu aya jurus pikeun ngelmu:

Tadaga carita hangsa

Gajendra carita banem

Matsyanem carita sagarem

Puspanem carita bangbarem

Telaga dikisahkan angsa

Gajah mengisahkan hutan

Ikan mengisahkan laut

Bunga dikisahkan kumbang

Maksudna, guguru atawa ngelmu kudu kaahlina.

Bahasana nyastra simbolik semu lucu:

Hayang nyaho leuweung, gajah tanya

Hayang nyaho laut, lauk tanya

Hayang nyaho kembang, kumbang tanya

Hayang nyao situ, angsa tanya

Kaci ditambahan

Hayang nyaho kasenang, tanya nu seuri

Hayang nyaho kasedih, tanya nu ceurik

hihi

Kecap angsa siga nu kecap nasional teuing timana, padahal nilik naskah eta,
hangsa, ti basa sunda (duka baheulana ti mana, cina kitu?). Di urang malah
nu populer teh soang, nu ieu sigana ti swan. Angsa soang mah asana lain
endemik/sato pituin di urang

ari internet gudangna buku raksasa
informasi ti mamana nyampak kantun ngedit sakersa urang

seratan di handap ieu dicutat tina blogna aa hafizh

alamatna : http://siliwangi.blogs.friendster.com/garut_pangirutan/2005/07/kaulinan_urang_.html

Kaulinan Urang Lembur Atawa Kakawihan Barudak

Ti kang Ganjar

Panganteur

Bari jeung pakepuk ku pagawéan, tapi ku sabab ninggali batur sarumanget ngainventarisir sarwa hal,  kasanggakeun « Kaulinan Urang Lembur Atawa Kakawihan Barudak » di tatar Sunda jaman baheula. Ngahaja dijudulan maké  « atawa », sabab asa acan aya kasapogodosan ngeunaan istilah. Lamun disebut kaulinan, kapan loba ogé kaulinan anu séjén saperti panggal, sérmen, galah, ucing sumput, jsb, ; pon kitu deui lamun dijudulan kakawihan wungkul, loba ogé kakawihan anu séjénna. Tapi palebah kakawihan anu ieu mah rada khas, sabab lamun ditilik-diantarana  aya hubungan antara kaulinan jeung kakawihan. Kukituna, judul ana rada  pas mah sigana kaulinan budak lembur anu dikawihan (sok sanajan kanyataanana teu kabéh kakawihan aya kauliananana). Tapi pikeun  arguméntasi mah, kakawihan ogé bisa dianggap kaulinan. Istilah kaulinan urang lembur ogé sigana mah anyar (pertengahan taun genep puluhan), sabada ieu « kaulinan »  dibawa ka panggung (dijadikeun tongtonan) utamana ku Departemen Kesenian Unpad (aya
ogé anu nyebutkeun digali ku Studiklub Teater Bandung/STB) ogé ku Damas.

Naon anu ditulis dihandap ieu, sagemblengna hasil tina ingetan, hasil nengetan para senior di Depkes Unpad manggung (teu kingsi prak sorangan) dina pertengahan taun tujuh puluhan. Biasana lamun aya acara di Unpad atawa di Fakultas Pertanian, sok sanajan  geus pada lalulus, arinyana sok kaul. Nya dina kasempetan éta sok pareng merhatikeun (bari jeung teu kungsi dicatet). Ku kituna lamun  loba kekecapan anu salah ; katambah  lamun ditilik-ditilik dina éta kakawihan téh loba ogé kekecapan anu teu jelas pihartieunana, neda dihapunten. Atuh ka anu uninga, aya kasempetan pikeun ngoréksi atawa ngoméan. Saenyana lamun aya anu leukeun mah, tiasa dicék deui ka aranjeuna anu kantos manggungkeun ieu kaulinan urang lembur, diantawisna ka kang Ekik Barkah, kang Oman, kang Epih, kang Ia, kang Abdurachman, kang Zahir Zahri.  Sadaya kakawihan téh teu aya judulan, minangka anu disebut judul téh nyaéta baris kahiji tina lagu.

Interpretasi

Neuleuman eusi rumpaka, aya sababaraha hala nu narik pikeun bisa diinterpretasi :

Kakawihan mangrupa alat anu digunakeun ku masyarakat, sangkan naon anu aya dina gerentes haténa teu kaharti ku batur anu aya di luar komunitasna (bahasa sandi). Contona,

lagu ambil-ambilan bisa jadi aya patula-patalina jeung kondisi urang sunda harita anu rék dijadikeun kuli (meureun dijjieunna dina jaman penjajahan) ; nu matak basa aya anu rék diambil, dijieun manrupa-rpa alesan.

Jaleuleu ja. Lagu ieu téh cenah dijieun dina mangsa tatar Sunda diserang  ku Mataram. Lagu « jaleuleu ja » aya anu nyurahan siga kieu :

Jaleuleu ja  ( aya Jawa)

Atulak tu ja éman

gog (Nitah ka jang Eman lamun aya Jawa kudu nagog – pasang kuda-kuda, hartina kudu siap-siap)

Seureuh leuweung

bay (seureuh leuweung téh biasa ogé disebut gebay, bentukna siga taméng – kukituna lamun aya Jawa, salian ti kudu siap téh – nagog – téa, ogé nyiapkeun taméng)

Jambé kolot

bug (jambé kolot téh di Sunda mah disebut jebug – jadi lamun musuh datang – kudu digebug)

Ucing katinggang songsong

Ngék (ngagebugna nepi ka siga ucing katinggang songsong – ngék ……………….)

c.         Ayang-ayang gung. Lagu ieu nyaritakeun masyarakat di hiji wilayah anu sahéng (Ayang-ayang gung Gung goongna ramé) nyaritakeun kalakuan pamingpinna nyaéta ménak Wastanu nu jadi wadana. Pangna diaromongkeun téh kusabab kalakuanana olo-olo (naha manéh kitu – tukang olo-olo),  giruk — ruket (ngabalad jeung kumpeni). Tujuanana mah taya lian sangkan bisa naék pangkat – sanajan bari jeung (kalakuan kitu téh) goréng.  Ninggali wadana anu kitu petana, saenyana rahayat ngaharepkeun dalem – tapi dalem ogé sarua misleukna (lNgantos kang jeung dalem, Lempa lempi lempong, Ngadu pipi jeung nu ompong) Ngeunaan jalan ka batawi ngemplong bisa dihartikeun yén pamingpin jaman baheula ogé leuwih oriéntasi ka luhur alias ka batawi.

Ningningnang – ningnang dot em dot blem. Ieu gé nyaritakeun kalakuan dalem anu misleuk, ari dongkap ka hiji wilayah sok dipapag ku bajidoran, tidinya teras tutunjuk « kembang malati ». Kalakuan saperti kitu ku masyarakat disarebutna « adu gandék raja belang «

Néng nang néng prak. Lagu ieu mah ngagambarkeun kuwu pedit kariaan (sigana juragan kuwu téh janggotan kawas embé). Susuguhna ogé kapan lauk bilatung, kéjona – kéjo gandrung.

Truk-truk brung. Lamun kalakuan kuwu, wadana, dalem saperti anu disebutkeun di luhur, tong anéh lamun rahayatna malarat. Bayangkeun waé, sarubak-rubakna/sapanjang-panjangna buntut lutung, tuluy dikenyang-kenyang barudak, mangkaning salawé widak. Ceuk bahasa ayeuna mah kaayaan kitu téh ngagambarkeun silih bagi kamiskinan (shared poverty).

Ehon bérod. Lagu ieu siganana nyaritakeun mata-mata anu nyamur jadi tukang oncom. Disebut mata-mata téh sabab sok « comél ka nu gélo » (bisa jadi pamaréntahan walanda atawa jepang, kukituna lamun aya tukang oncom ngaliwat, rahayat kudu ati-ati ngomong (trung-trung-trung kohkol alarm).

Pacublek cublek uang, ngajakan rahayat pikeun motong « kerbau péndék » (Jepang) jeung motong « kerbau tinggi »(walanda) ; sedengkeun anu tinggina jemblang-jemblung mah taya lian tentara Gurkha.

2.     Ngagambarkeun kaayaan.       Lamun analisa di luhur bener, kakawihan téh bisa jadi dijieunna patula-patali jeung hiji kajadian (aya faktor waktu). Contona, jaleuleu dikira-kira jaman Dipati Ukur, Ehon berod dijieun dina jaman penjajahan, nya kitu ogé ayang-ayang gung. Tina lalaguan ogé, urang bisa ninggali kalakuan bangsa Cina dina jaman penjajahan. Kapan waktu si Roji meuli paku, ku babah teu dibéré, malahan pokna téh mata sia. Palebah dieu urang ogé bisa ngakurkeun jeung sajarah, utamana posisi Cina dina Jepang anu sigana mah meunang posisi khusus (dai nippon nu kawasa).

3.     Ngaramalkeun ka hareup. Waktu Sukarno tibeubeut tina kalunguhanana, anu kababawa téh lain ngan ukur manéhna, tapi ogé anték-antékna. Ninggali kaayaan kieu aya nu nyarita, cenah « oray  bungka » – baca Bung Karno téh jadi kanyataan, kabeh anu nutur-nutur (dipandeuri) Bung Karno kalaut.

4.              Ulin kecap. Dina lagu éhon bérod, bangbang kalima – lima gobang, santri maan dodol katinggali padalisan anu tungtung dijadikeun padalisan anyar.

5.              Kaulinan dina hiji kaayaan, contona dina ojok-ojok uang – aung, ojok ata iti.

6.              Heureuy biasa, saperti dina  pérépét jengkol , cingcangkeling, disurung ungkug-ungkugan (bulu irung digelungan, bulu kéléh dilélépét)

Panutup Catur

Analisa di luhur éstuning dipapantes. Dina sababaraha hal ngan saukur interpretasi, leres jeung henteu na mah kedah digali ku ahlina (sanés pagawéan insinyur pertanian sapertos pribados). Tapi kalah kumaha ogé ieu téh kabeungharan urang sunda.

Paris, 11 Juli 2005

KAKAWIHAN

+          Ambil ambilan turugtug hayam samantu

-          Saha nu  diambil kami mah teu boga incu  — boga gé anak pahatu

+          Pahatu – pahatu gé daék purah nutu purah ngéjo  — purah ngasakan baligo

-          Nyèrïeun  sukuna kacugak ku ali agé

+          Aya ubarna kulit munding campur  dagé tiguling nyocolan dagé

II

Jaleuleu ja

Atulak tu ja éman

gog

Seureuh leuweung

bay

Jambé kolot

bug

Ucing katinggang songsong

ngék

III.

Dongdang mayang

Pamikul adeg-adeg

Bujang lanjang ti kidul sing araced

IV.

Truk truk brung

Truk tru brak

Buntut lutung panjang rubak

Dikenyang-kenyang    barudak

Barudak salawé widak

Nyèd eng – nyed eng

Nyed nyed eng

Nyed- nyed eng

IV.

Ningningnang-ningnang

Dot em dot blem

Dalem sumping dor bajidor

Tutunjuk kembang malati

Laole ole obong

…………………………………………. (hilap deui)

Adu riri silih pinyong ( ?)

Inyong-inyong mas muria

Adu gandék raja belang

V.

Néngnang néng prak

Térélék embé janggotan

Pa kuwu kariaan

Laukna lauk bilatung

Kéjona kéjo gandrung

Trangtrung bedog buntung

Trungtrang bedog rompang

Hét hét embé janggotan

Kélék monyét héhéotan

Badubanglpak dug blem

VI.

Pacublek-cublek uang

Uangnya manggulenténg

Butata – butiti

Padati wara – wiri

Tangsi nona

Tangsi tuan

Ka teluk bungbung

Pok érah

Pok érah

Si Sidin mau kawin

Potong kerbau péndék

Potong kerbau tinggi

Tingginya jemblang – jemblung

Ta eem

Ta eem

Ta em – ta em – ta em

VII.

Sakentrung – sakentrung

Paré hawara di huma

Ditutuna lisung kai (pondok ?)

Trung dung trung dung éng

Trung dung trung dung éng

VIII.

Sakentrung taligung

Pécik pécang

Tété tulak

Tété wondo

Dalem surak raja sono

Kalisanga domblé

Kacang diraraweuy

Tembus kénéh

Dodol sana

Dodol sini

Cir kuciplek

Doli doéng

IX.

+    Endeuk-eundeukan lagoni

-         Meunag peucang sahiji

+    Leupas deui ku nini

-         Beunang deui ku aki

+    Leupas deui ku ninina nini nini

-         Beunang deui ku akina aki-aki

+    Leupas deui ku ninina ninina ninina nini nini

-         Beunang deui ku akina akina akina akina aki-aki

+    Leupas deui ku ninina ninina ninina ninina ninina ninina nini nini…………

-         Beunang deui ku akina akina akina akina akina akina akina akina aki-aki ……..

…………………………………………………………………………………………………………………..

X.

Pérépét jéngkol jajahéan

Kadempét …………..

Kadempét …………..

Jéjérétéan

XI.

Ehon bérod

Ehon bérod

Ehon bérod

Roda sapi buntung

Tunggir hayam bikang

Kangkung sisi gawir

Wira dagang oncom

Comél ka nu gélo

Lodong kososng ngentrung

Trung trung trung kohkol alarm

XII

Santri maan dodol

Doléwak nincak waduk

Duka waduk saha

Haneut kénéh pisan

(balik deui kana santri maan dodol …………

Kitu jeung kitu waé bulak balik)

XIII

Bubulaoan

Si semar maling gunting

Guntingna kabulaoan

Ta eem te eem

Sidakep bari balem

XIV

Ojok – ojok uang aung

Ngarorojok nu disaung

Ojok – ojok ata utu ngarorojok nu keur nutu

XV

Oray-orayan

Oray naon

Oray bungka

Bungka naon

Bungkalaut

Laut naon

Laut dipa

Dipa naon

Dipandeuri ………..

XVI.

+    Oray-orayan luar léor mapay sawah

-         Entong ka sawah paréna keur sedeng beukah

+    Mending  ka leuwi di leuwi loba nu mandi

-         Saha anu mandi – anu mandina pandeuri

XVII.

Bubur beureum

Sabrang wétan

Kurawed angked

Blep

XVIII.

Si roji meuli paku

Ku babah teu dibéré

Pokna mata sia

Dai nippon nu kawasa

XIX.

Cingcangkeling manuk cingkleung

Cindeten

Blos ka kolong bapa satar buleneng

XX

Ayang-ayang gung

Gung goongna ramé

Ménak ki wastanu

Nu jadi wadana

Naha manéh kitu

Tukang olo-olo

Loba anu giruk

Ruket jeung kumpeni

Niat jadi pangkat

Katon kagoréngan

Ngantos kang jeung dalem

Lempa lempi lempong

Ngadu pipi jeung nu ompong

Jalan ka batawi ngemplong

XXI.

Disurung ungkug-ungkugan

Diséréd jéjérétéan

Bulu irung digelungan

Bulu kélék dilélépét

XXII.

Bang bang

kalima lima gobang bang

bangkong ditengah sawah wah

wahai tukang bajigur gur

guru sakola désa sa

saban poé ngaput put

putri nu gareulis lis

lisung kadua halu lu

luhur kapal udara ra

ragrag di jakarta ta

taun opat lima ma (DUKA TERASNA MAH)

………………………………………………….

XXIII

Kalongking

Kalongking

Bapa sia

Utah ngising

XXIV

Sasalimpetan

Jajahan aing nu panjang

XXV

Sursér sursér

Amis cau

Amis kembang

Hileud sita

Tarungambang

Yéy iyéy

Tai manukan

Yéy iyéy

Tai manukan

XXVI

Prangpring

Prangpring

Sabulu bulu gading

Gading ka Sunda perang

1 Pairan

  1. aduh..aku senang banget..bisa menemukan situs ini..maklum aku lagi kangen kampung halaman di cisayong sana…dah lama jarang pulang….sehingga aku lupa dengan bahasa ibu kandungku sendiri..aku mau belajar lagi bahasa sunda nih…..oh ya…saya mau berkorespondensi dengan pengelola situs ini..kalo ada waktu tolong kirim ke email saya ya…..

    nu sono kana lembur sorangan

  2. nuhun kersa rurumpaheun ka ieu tempat,
    kang fauzi teh sekarang di mana kitu ?

  3. Hatur nuhun. Rarasaan aya di jaman baheula….

  4. baheula, ayeuna, enjing aya di dieu !

  5. Asa waas pisan… :)
    Waktos abdi alit keneh, pun Bapa osok nembangkeun:
    Ucang ucang angge
    mulung muncang ka pa rangge
    diudag ku anjing gede
    anjing gede nu mang lebe
    anjing luetik nu mang cantrik
    ari gog
    gog cungungung mancung…. (bari ngangkat sim kuring)

    aya deui:

    rauk rauk sijulang
    eunteupna di mana
    eunteupna di dieu (bari ngaleketek)

    Punten upami bahasa Sunda na henteu tepat nerapkeuna.
    Hatur nuhun

  6. asa emut ker budak yeuh ayenamah kumaha di cisayong…………?nuhun simkuring jadi bungah yeuh ayeuna ker di nagri onta salam ka urang cisayong

  7. Ass. Wr. Wb. Hatur nuhun kang, abdi tiasa ninggal situs akang, mani nineung ka kampung halaman di Garut, Cibatu, Bandrek…. Kantos kapunggur manggung…. kakawihan urang lembur, mani asa bentang wae, langkung ti jacko panginten… he he he. Salam Baktos ti Abdi : Ujang Hape (Ayeuna Linggih di Tangerang ). Wassalam.

  8. nuhun….. Gusti……
    wanci ieu kuring nimu jaring awang-awang nu nyambung ka lemah cai…
    sugan wae aya nu manteng ti lembur,,,,,,
    da kuring mah jauh ti lembur……..
    baeu… mun aya nu wawuh…..
    sugan wae ngaku ka kuring….
    sonooooooooooooooooo……
    da’
    kuring mah keur ampleng-amplengan.
    cag’
    Nuhun…. pangersa.

  9. Kang……
    ari nu gareulisna kamarana……..
    salam wae ka nu geulis urang Sukananjung……
    ti Aa Efot (nu kasep tea) urang cigorowong nu keir tebih ti lemburrr.
    NuHun…..

  10. tah kieu atuh di dunia maya oge, asa deket jeng lembur tempat urang sarerea digedeken, sanajan urang teh urang kampung bau lisung, gening bisa tepung jonghok dina kamajuan jaman, make internet, nulis dina web. hurip waluya urang sunda, si kabayan teh urang sunda, tapi urang sunda teh lain kabeh si kabayan nu bisana ngan ngawang nyawang bentang.
    urang buktikeun yen urang, urang sunda, bisa ngimbangan kana kamajuan jaman, bari teu ninggalken identitasna salaku urang sunda. hayu ah ajak dulur-dulur urang sarerea make basa sunda, lantaran ayena basa sunda ges mulai rek kagusur, ironi lamun ninggali urang kampung tapi make basa sapopoe jeng anak pamajikanna make basa malayu.

    hurip sunda, ti urang sunda keur urang sunda.
    Salam ti simkuring urang Cigorowong ka sadayana

    Kang Uden Cepot, denianwar@yahoo.com

  11. Haduh emut keur jaman lulumpatan disawah bari kakawihan kitu teh…
    Hirupkeun deui kang ka ulinan urang teh ulah eleh kunu modern lah…

  12. Bade neraskeun kakawihan kang manawi leres nu bang bang kalima lima gobang.
    Bang bang kalima lima gobang,bang.
    Bangkong ditengah sawah,wah.
    Wahai tukang bajigur,gur.
    Guru sakola desa,sa.
    Saban poe ngajar,jar.
    Jarum paranti ngaput,put.
    Putri nu gareulis,lis.
    Lisung ka dua halu,lu.
    Luhur kapal udara,ra.
    Ragrag di jakarta,ta.
    Taun lima hiji,ji.
    Haji ek ka mekah,kah.
    Kahar tujuh rebu,bu.
    Buah meunang ngala,la.
    Lauk meunang nyobek,bek.
    Beker meunang muter,ter.
    Terus ka cikampek,pe.
    Pena dagang kalam,lam.
    Lampu eujeung damar,mar.
    Mari kueh hoho,ho.
    Hotel pamandangan,ngan.
    Ngantos kangjeng dalem,lem.
    Lempa lempi lempong jalan kabatawi ngemplong.

    mamanian leres.


Kantunkeun Balesan

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Robih )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Robih )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Robih )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Robih )

Connecting to %s

Follow

Get every new post delivered to your Inbox.

%d bloggers like this: