Liwatan napigasi

kawih sunda buhun … lagu kakawihan urang lembur

LAGU SUNDA BUHUN TITINGGAL KARUHUN

http://www.youtube.com/watch?v=a01Xy6Wy0tY&feature=endscreen&NR=1

 

01.00 = Tumorek

02.00 = Janari Leutik

03.00 = Janari Gede

04.00 = Kongkorok Hayam

05.00 = Balebat

06.00 = Carangcang Tihang

07.00 = Meletek Panon Poe

08.00 = Ngaluluh Taneuh

09.00 = Haneut Moyan

10.00 = Rumangsang

11.00 = Pecat Sawed

12.00 = Tangenge

13.00 = Lingsir

14.00 = Kalangkang Satangtung

15.00 = Mengok

16.00 = Tunggang Gunung

17.00 = Sariak Layung

18.00 = Sareupna

19.00 = Harieum Beungeut

20.00 = Budak Sareureuh

21.00 = Tumoke

22.00 = Sareureuh Kolot

23.00 = Indung Peuting

24.00 = Tengah Peuting

bagi siapa saja yang telah menjadi alumni smp negeri cisayong tasikmalaya, silakan menjadi member dalam grup di Facebook

klik saja foto ini :

alumni


 

terima kasih dan selamat bergabung

CIUMAN MENURUT DAERAHNA MASING MASING !

> Cisayong = Ciuman Nepi Ka Ngoloyong

> Cileulues = Ciuman Sampai Leuleus … (heu heu )

> Ciawi = Ciuman Manusiawi

> Cipanas = Ciuman Paling Panas
>
> Cibubur = Ciuman Buru-Buru
>
> Cicadas = Ciuman Dada Atas
>
> Cisalak = Ciuman Saya Galak
>
> Ciamis = Ciuman Bau Amis
>
> Citarik = Ciuman Tarik Menarik
>
> Cibulan = Ciuman Butuh Lanjutan
>
> Ciampelas = Ciuman Ampe Perut Mulas
>
> Ciparay = Ciuman Paling Teruray
>
> Cilacap = “PUNTEN IEU MAH TOS LEBET DAERAH JAWA TENGAH NYA !

Kang upami teu lepat , Raden Wijaya nu ngadirikeun karajaan Majapahit oge masih katurunan/incu Prabu Guru Darmasiksa raja karajaan Sunda (kalebet Galuh & Galunggung), ti putrana Rahiyang Jayadarma nu nikah sareng Dyah Lembu Tal ti Tumapel Jawa Timur. > > Jigana lamun hayang bisa sajajar malihan ngaleuwihan seler jawa, urang sunda kedah jadi urang sunda nu nyunda. > Tapi ieu berat ngalakonana, babari dikecapkeun hese dilaksanakeun. > > Salah saopat tina seratan abah Hidayat Suryalaga, urang sunda nu nyunda, panginten tiasa diemutan : > > 1. Sunda, jangkar kecapna sund. > Hartina caang, moncorong, cahayana mere sumber kahirupan keur sakumna mahluk. Ku kituna pancen Ki Sunda teh lir ibarat panonpoe, mere obor karahayon, sangkan pangeusi bumi hirupna caang narawangan.Kukituna lain nyunda pingaraneunana upama kaayaan dirina nya surem nya poek. Anu kitu mah Sunda Samagaha, bororaah kana bisa nyaangan batur, dirina oge poek meredong, ngatog talag tolog titatarajong. > > 2.Sunda, hartina satria buta (detya) > Nu disebut detya contona dina pawayangan Gatotkaca, mibanda pasipatan , teguh tanggoh tur nyatria, gede tanaga tur luhur panemuna, leber wawanen dina mancegkeun bener jeung adil. Kukituna henteu kaasup nu nyunda upama hirupna nya lemer nya hengker, elehan, sieunan, hianat tur sirik pidik.Nu kitu mah teu kaasup buta wereng, nyaeta mahluk nu jadi hamaning hirup. > > 3. Sunda, hartina satria wanara. > Kecap wanara ayeuna mah sok dihartikeun monyet.Padahal upama dirucat mah, kecap ‘wana’ hartina leuweung, akar kecap ‘ra’ hartina jelema nu hade.Dicindekkeun mah nyaeta jelema hade nu hirup di pileuweungan, di pahumaan.Ari pasipatan wanara nyaeta tara kuuleun, segut digawe,rancingeus, tangginas.Pibasaeun jaman ayeuna mah manusa nu proaktif-kreatif (rancage) tur dinamis (binekas, binangkit). Ku kituna tetela teu kaasup jelema nu nyunda upama hirupna taya kamau, taya gadag, kuuleun,lengle talangke,horeaman, embung gawe cape, sagala ngawagu. > > 4. Sunda, hartina Kamajaya. > Dewa Kamajaya teh Dewa Cinta, nu nebarkeun rasa deudeuh asih,cintra tresna.Mana ‘deudeuh asih’, henteu ngan antara awewe-lalaki, indung-anak, tapi kum ka papada manusa,jembarna pisan mah deudeuh asih ka sakumna mahluk dadamelan Allah Swt. > Kukituna teu payus disebut nyunda, upama hirupna resep megatkeun silaturahmi, silih pikaceuceub, silih cilakakeun, teu resep rapih, teu resep guyub sauyunan, aing-aingan, ngarintah pitenah. > > Punten ngiring ngarewong.

137 x 100 cm oil on canvas 2008

137 x 100 cm oil on canvas 2008

naon tah hartosna lambang maung, naha kunaon bet janten lambang SUNDA? langkung ti eta pami nerangkeun data kdah objektif ulah teras dipapalerkeun ku komentar nyalira!Tah eta hartosna dadang kimun maca teu maos info ti sim uing, na ti babahnaheula ogen…. barina ge nu disebat pajajaran teh … pan entos diterangkeun. .. mimiti disebat PAKWAN PAJAJARAN = Pakuwuan nu ngajajar ti wetan nepi ka kulon, cing naon margina? kieu: Pakwan = pakuwuan = pa-kubu/kuwu= an ku harti tina basa na nyaeta kombinasi imbuhan awalan [pa-] + akhiran [-an] > pa + an didieu nunjukkeun tempat atanapi wewengkon; ana kuwu= kubu = pertahanan; pon kitu pajajaran oge tina pa – jajar – an > maka berlaku hukum yang sama atas imbuhan [pa] dan [an] > tempat, wewengkon anu ngajajar > dengan pengertian pusat karajaan anu ngajajar ayeuna kanyataan SAJARAH > PAKWAN PAJAJARAN dicantumkeun mimiti pisan teh dina prasasti (piteket) Kebantenan, kalimatna kieu: “… Sri Baduga Maharajadhiraja Sri Sang Ratu Dewata Ratu haji di Pakwan Pajajaran… ” janten hartosna Pakwan Pajajaran teh dianggo ku anjeuna mangsa pamarentahan anjeuna (Ratudewata= Jayadewata = Rd.Pamanah Rasa); oge disebatkeun dina prasasti anjeuna pakuwuan anu ngajajar teh saparah jalan gede ti wetan ka kulon) margi Rd Pamanah Rasa teh nampi TAHTA KAJENENGAN karajaan GALUH – Kawali ti ramana (Rahiyang Ningrat Kancana Sang Mokta ring Gunatiga sareng Eyangna Wastukancana Sang Mokta ring Nusalarang) sareng TAHTA KAJENENGAN SUNDA anu di Pakwan ti Mertuana (oge nu janten Paman anjeuna) Tah puseur dayeuh Sunda Pakwan sareng puseur dayeuh Galuh Kawali anu ditampi kuanjeuna teh janten ngahiji dalam kesatuan pamarentahan politik Karajaan (PANJI KEKUASAAN) PAKWAN PAJAJARAN ngan anjeuna anu nampi ieu… kumargi kitu Sri Baduga Maharajadhiraja Sri sang Ratu Dewata Ratu Haji di Pakwan teh kawentar SILIWANGI pang-mulya2na nagara aman tentram silih ajenan baik dari IPOLEKSOSBUD, salajengna ku pangarti anu motekar kiwari, SILIWANGI teh seakan2 identik hanya dengan Jayadewata margi anjeuna pisan raja anu ngangkat oge sekaligus “sealed” KEBESARAN TERAKHIR KERAJAAN SUNDA saatos anjeuna pupus ….. nya Sunda ngawitan pareum….. cag AMBU

Carita Pantung Ngahiangna Pajajaran

Pun, sapun kula jurungkeun
Mukakeun turub mandepun
Nyampeur nu dihandeuleumkeun
Teundeun poho nu baréto
Nu mangkuk di saung butut
Ukireun dina lalangit
Tataheun di jero iga!

[edit]
UGA WANGSIT SILIWANGI

Saur Prabu Siliwangi ka balad Pajajaran anu milu mundur dina sateuacana ngahiang: Lalakon urang ngan nepi ka poé ieu, najan dia kabéhan ka ngaing pada satia! Tapi ngaing henteu meunang mawa dia pipilueun, ngilu hirup jadi balangsak, ngilu rudin bari lapar. Dia mudu marilih, pikeun hirup ka hareupna, supaya engké jagana, jembar senang sugih mukti, bisa ngadegkeun deui Pajajaran! Lain Pajajaran nu kiwari, tapi Pajajaran anu anyar, nu ngadegna digeuingkeun ku obah jaman! Pilih! ngaing moal ngahalang-halang. Sabab pikeun ngaing, hanteu pantes jadi Raja, anu somah sakabéhna, lapar baé jeung balangsak.

Daréngékeun! Nu dék tetep ngilu jeung ngaing, geura misah ka beulah kidul! Anu hayang balik deui ka dayeuh nu ditinggalkeun, geura misah ka beulah kalér! Anu dék kumawula ka nu keur jaya, geura misah ka beulah wétan! Anu moal milu ka saha-saha, geura misah ka beulah kulon!

Daréngékeun! Dia nu di beulah wétan, masing nyaraho: Kajayaan milu jeung dia! Nya turunan dia nu engkéna bakal maréntah ka dulur jeung ka batur. Tapi masing nyaraho, arinyana bakal kamalinaan. Engkéna bakal aya babalesna. Jig geura narindak!

Dia nu di beulah kulon! Papay ku dia lacak Ki Santang! Sabab engkéna, turunan dia jadi panggeuing ka dulur jeung ka batur. Ka batur urut salembur, ka dulur anu nyorang saayunan ka sakabéh nu rancagé di haténa. Engké jaga, mun tengah peuting, ti gunung Halimun kadéngé sora tutunggulan, tah éta tandana; saturunan dia disambat ku nu dék kawin di Lebak Cawéné. Ulah sina talangké, sabab talaga bakal bedah! Jig geura narindak! Tapi ulah ngalieuk ka tukang!

Dia nu marisah ka beulah kalér, daréngékeun! Dayeuh ku dia moal kasampak. Nu ka sampak ngan ukur tegal baladaheun. Turunan dia, lolobana bakal jadi somah. Mun aya nu jadi pangkat, tapi moal boga kakawasaan. Arinyana engké jaga, bakal ka seundeuhan batur. Loba batur ti nu anggang, tapi batur anu nyusahkeun. Sing waspada!

Sakabéh turunan dia ku ngaing bakal dilanglang. Tapi, ngan di waktu anu perelu. Ngaing bakal datang deui, nulungan nu barutuh, mantuan anu sarusah, tapi ngan nu hadé laku-lampahna. Mun ngaing datang moal kadeuleu; mun ngaing nyarita moal kadéngé. Mémang ngaing bakal datang. Tapi ngan ka nu rancagé haténa, ka nu weruh di semu anu saéstu, anu ngarti kana wangi anu sajati jeung nu surti lantip pikirna, nu hadé laku lampahna. Mun ngaing datang; teu ngarupa teu nyawara, tapi méré céré ku wawangi. Ti mimiti poé ieu, Pajajaran leungit ti alam hirup. Leungit dayeuhna, leungit nagarana. Pajajaran moal ninggalkeun tapak, jaba ti ngaran pikeun nu mapay. Sabab bukti anu kari, bakal réa nu malungkir! Tapi engké jaga bakal aya nu nyoba-nyoba, supaya anu laleungit kapanggih deui. Nya bisa, ngan mapayna kudu maké amparan. Tapi anu marapayna loba nu arieu-aing pang pinterna. Mudu arédan heula.

Engké bakal réa nu kapanggih, sabagian-sabagian. Sabab kaburu dilarang ku nu disebut Raja Panyelang! Aya nu wani ngoréhan terus terus, teu ngahiding ka panglarang; ngoréhan bari ngalawan, ngalawan sabari seuri. Nyaéta budak angon; imahna di birit leuwi, pantona batu satangtungeun, kahieuman ku handeuleum, karimbunan ku hanjuang. Ari ngangonna? Lain kebo lain embé, lain méong lain banténg, tapi kalakay jeung tutunggul. Inyana jongjon ngorehan, ngumpulkeun anu kapanggih. Sabagian disumputkeun, sabab acan wayah ngalalakonkeun. Engke mun geus wayah jeung mangsana, baris loba nu kabuka jeung raréang ménta dilalakonkeun. Tapi, mudu ngalaman loba lalakon, anggeus nyorang: undur jaman datang jaman, saban jaman mawa lalakon. Lilana saban jaman, sarua jeung waktuna nyukma, ngusumah jeung nitis, laju nitis dipinda sukma.

Daréngékeun! Nu kiwari ngamusuhan urang, jaradi rajana ngan bakal nepi mangsa: tanah bugel sisi Cibantaeun dijieun kandang kebo dongkol. Tah di dinya, sanagara bakal jadi sampalan, sampalan kebo barulé, nu diangon ku jalma jangkung nu tutunjuk di alun-alun. Ti harita, raja-raja dibelenggu. Kebo bulé nyekel bubuntut, turunan urang narik waluku, ngan narikna henteu karasa, sabab murah jaman seubeuh hakan.

Ti dinya, waluku ditumpakan kunyuk; laju turunan urang aya nu lilir, tapi lilirna cara nu kara hudang tina ngimpi. Ti nu laleungit, tambah loba nu manggihna. Tapi loba nu pahili, aya kabawa nu lain mudu diala! Turunan urang loba nu hanteu engeuh, yén jaman ganti lalakon ! Ti dinya gehger sanagara. Panto nutup di buburak ku nu ngaranteur pamuka jalan; tapi jalan nu pasingsal!

Nu tutunjuk nyumput jauh; alun-alun jadi suwung, kebo bulé kalalabur; laju sampalan nu diranjah monyét! Turunan urang ngareunah seuri, tapi seuri teu anggeus, sabab kaburu: warung béak ku monyét, sawah béak ku monyét, leuit béak ku monyét, kebon béak ku monyét, sawah béak ku monyét, cawéné rareuneuh ku monyét. Sagala-gala diranjah ku monyét. Turunan urang sieun ku nu niru-niru monyét. Panarat dicekel ku monyet bari diuk dina bubuntut. Walukuna ditarik ku turunan urang keneh. Loba nu paraeh kalaparan. ti dinya, turunan urang ngarep-ngarep pelak jagong, sabari nyanyahoanan maresék caturangga. Hanteu arengeuh, yén jaman geus ganti deui lalakon.

Laju hawar-hawar, ti tungtung sagara kalér ngaguruh ngagulugur, galudra megarkeun endog. Génjlong saamparan jagat! Ari di urang ? Ramé ku nu mangpring. Pangpring sabuluh-buluh gading. Monyét ngumpul ting rumpuyuk. Laju ngamuk turunan urang; ngamukna teu jeung aturan. loba nu paraéh teu boga dosa. Puguh musuh, dijieun batur; puguh batur disebut musuh. Ngadak-ngadak loba nu pangkat nu maréntah cara nu édan, nu bingung tambah baringung; barudak satepak jaradi bapa. nu ngaramuk tambah rosa; ngamukna teu ngilik bulu. Nu barodas dibuburak, nu harideung disieuh-sieuh. Mani sahéng buana urang, sabab nu ngaramuk, henteu beda tina tawon, dipaléngpéng keuna sayangna. Sanusa dijieun jagal. Tapi, kaburu aya nu nyapih; nu nyapihna urang sabrang.

Laju ngadeg deui raja, asalna jalma biasa. Tapi mémang titisan raja. Titisan raja baheula jeung biangna hiji putri pulo Dewata. da puguh titisan raja; raja anyar hésé apes ku rogahala! Ti harita, ganti deui jaman. Ganti jaman ganti lakon! Iraha? Hanteu lila, anggeus témbong bulan ti beurang, disusul kaliwatan ku béntang caang ngagenclang. Di urut nagara urang, ngadeg deui karajaan. Karajaan di jeroeun karajaan jeung rajana lain teureuh Pajajaran.

Laju aya deui raja, tapi raja, raja buta nu ngadegkeun lawang teu beunang dibuka, nangtungkeun panto teu beunang ditutup; nyieun pancuran di tengah jalan, miara heulang dina caringin, da raja buta! Lain buta duruwiksa, tapi buta henteu neuleu, buaya eujeung ajag, ucing garong eujeung monyét ngarowotan somah nu susah. Sakalina aya nu wani ngageuing; nu diporog mah lain satona, tapi jelema anu ngélingan. Mingkin hareup mingkin hareup, loba buta nu baruta, naritah deui nyembah berhala. Laju bubuntut salah nu ngatur, panarat pabeulit dina cacadan; da nu ngawalukuna lain jalma tukang tani. Nya karuhan: taraté hépé sawaréh, kembang kapas hapa buahna; buah paré loba nu teu asup kana aseupan……………………….. Da bonganan, nu ngebonna tukang barohong; nu tanina ngan wungkul jangji; nu palinter loba teuing, ngan pinterna kabalinger.

Ti dinya datang budak janggotan. Datangna sajamang hideung bari nyorén kanéron butut, ngageuingkeun nu keur sasar, ngélingan nu keur paroho. Tapi henteu diwararo! Da pinterna kabalinger, hayang meunang sorangan. Arinyana teu areungeuh, langit anggeus semu beureum, haseup ngebul tina pirunan. Boro-boro dék ngawaro, malah budak nu janggotan, ku arinyana ditéwak diasupkeun ka pangbérokan. Laju arinyana ngawut-ngawut dapur batur, majarkeun néangan musuh; padahal arinyana nyiar-nyiar pimusuheun.

Sing waspada! Sabab engké arinyana, bakal nyaram Pajajaran didongéngkeun. Sabab sarieuneun kanyahoan, saenyana arinyana anu jadi gara-gara sagala jadi dangdarat. Buta-buta nu baruta; mingkin hareup mingkin bedegong, ngaleuwihan kebo bulé. Arinyana teu nyaraho, jaman manusa dikawasaan ku sato!

Jayana buta-buta, hanteu pati lila; tapi, bongan kacarida teuing nyangsara ka somah anu pada ngarep-ngarep caringin reuntas di alun-alun. Buta bakal jaradi wadal, wadal pamolahna sorangan. Iraha mangsana? Engké, mun geus témbong budak angon! Ti dinya loba nu ribut, ti dapur laju salembur, ti lembur jadi sanagara! Nu barodo jaradi gélo marantuan nu garelut, dikokolotan ku budak buncireung! Matakna garelut? Marebutkeun warisan. Nu hawek hayang loba; nu boga hak marénta bagianana. Ngan nu aréling caricing. Arinyana mah ngalalajoan. Tapi kabarérang.

Nu garelut laju rareureuh; laju kakara arengeuh; kabéh gé taya nu meunang bagian. Sabab warisan sakabéh béak, béakna ku nu nyarekel gadéan. Buta-buta laju nyarusup, nu garelut jadi kareueung, sarieuneun ditempuhkeun leungitna nagara. Laju naréangan budak angon, nu saungna di birit leuwi nu pantona batu satangtung, nu dihateup ku handeuleum ditihangan ku hanjuang. Naréanganana budak tumbal. sejana dék marénta tumbal. Tapi, budak angon enggeus euweuh, geus narindak babarengan jeung budak anu janggotan; geus mariang pindah ngababakan, parindah ka Lebak Cawéné!

Nu kasampak ngan kari gagak, keur ngelak dina tutunggul. Daréngékeun! Jaman bakal ganti deui. tapi engké, lamun Gunung Gedé anggeus bitu, disusul ku tujuh gunung. Génjlong deui sajajagat. Urang Sunda disarambat; urang Sunda ngahampura. Hadé deui sakabéhanana. Sanagara sahiji deui. Nusa Jaya, jaya deui; sabab ngadeg ratu adil; ratu adil nu sajati.

Tapi ratu saha? Ti mana asalna éta ratu? Engké ogé dia nyaraho. Ayeuna mah, siar ku dia éta budak angon!

Jig geura narindak! Tapi, ulah ngalieuk ka tukang!

prasasticiaruteun.jpgprasasti-kawali.jpg
Kakantun linuhung budaya Siliwangi nya kalebet kakantun Urang Sunda oge
naha Kang Rahman bade kumaha uningana, ari calik wae di NL mah…teu ngahaja ngalanto ka buruan indung? maasing enya ge nu tos kapendak langkung sakedik timbang di pulau2 sanesna nu di Indonesia tapi da aya….ngajegir. .. bungkeuleukan. ..tapi apanan nu di Tatar Sunda mah teu patos “kapirosea”
utamina ti saprak mayoritas Tatar Sunda gentos ngagem kayakinan “enggal”
kaleresan kayakinan ieu nu sipatna kedahna “privacy” geuning ngambah sanes mung ukur kayakinan tapi oge “nyilihan budaya indung” nya kasilap kasulap budaya indung = kayakinan, nu disebat budaya Tatar Sunda mah “hos weh”
Ongkoh “reueus” ka Siliwangi tapi arang nu kumelendang ngadeuheus ka sajarah mantena…teu dilenyepan.. teu diteuleuman ukur kasebat dina “biwir”

Warisan budaya Urang Sunda (ieu hungkul terbatas nu kakumpul harita …masih seueur nu kabuni keneh > sumber Thesis S2 sikuring baheula khusus tentang Sunda sikuring kalebet salah sahiji angkatan munggaran basa jurusan arkeologi muka mimitran Pasca Sarjana > Arkeologi – FSUI tahun 1986). Teu acan kasusul nu enggal kapendak ayeuna (inventris PEMDA keneh)
prasasti kawali

A. Data Tekstual (sumber tertulis) data nu kakempelkeun tahun 1988!
a.Prasasti
I > Tarumanagara > 7 prasasti batu (beraksara Palawa berbahasa Sanskerta)
1.1 prasasti Lebak (Ci Danghiyang – Banten)
1.2.prasasti Ciaruteun (Bogor)
1.3.prasasti Kebonkopi I (Bogor)
1.4.prasasti Muara Cianten (Bogor)
1.5.prasasti Pasir Awi (Bogor)
1.6.prasasti Jambu (Bogor)
1.7.prasasti Tugu (Cilingcing/ Jakarta)

II > Galuh > 4 prasasti batu (beraksara dan berbahasa Sunda Kuno)
2.1.prasasti Mandiwunga (Ciamis)
2.2.prasasti Rumatak (Gegerhanjuang -Indihiyang)
2.3.prasasti Sadapaingan (Ciamis)
2.4.prasasti Kawali (Ciamis)

III. > Sunda > dituliskan pada batu dan tembaga
3.1. prasasti Kebonkopi II (akara Sunda kuno& bahasa Malayu Kuno)> Bogor
3.2. prasasti Sanghiyang Tapak (aksara Sunda Kuno & bahasa Jawakuno) > Sukabumi
3.3. prasasti Cikapundung (Arca Batu) > Bandung
3.4. prasasti Kebantenan (tambaga piteket > bahasa & aksara Sunda Kuno)> Bekasi
3.4.1. Sunda Sambawa
3.4.2. Gunung Samaya
3.4.3. Dayeuhan Jayagiri
3.5.prasasti Talaga Maharena Wijaya/Batutulis (aksara & bahasa Sunda Kuno)> Bogor

b. Karyasastra Sunda Kuno (aksara & bahasa Sunda Kuno)
1.Carita Parahiyangan (Priangan Timur)
2.Kabuyutan Ciburuy (Priangan Timur)
3.Sewaka Darma (Priangan Timur)
4.Siksa Kanda Ng Karesian (Priangan Timur)
5. Jatiniskala (Priangan Timur)
6. Kawih Paningkes (Priangan Timur)
7. Bujangga Manik

B. Data Kontekstual (kepurbakalaan) nu kakempelkeun 1988!
di kasebat wangunan kabuyutan (bangunan pusat upacara keagamaan > candi mun ceuk urang Jawa mah, tapi Urang Sunda boga istilah sorangan nyaeta Kabuyutan)

I. Kabuyutan di Lebak
1.1. situs Ciwongwongan
1.2. Situs Kosala
1.3. situs Lebak Cibedug
1.4. situs Batu Sirit
1.5. situs Arca Domas

II. Kabuyutan di Karawang
2.1. situs Batujaya
2.2. situs Cibuaya
2.3. situs Buni

III. Kabuyutan di Sumedang
3.1. situs gunung Tampomas
3.2.situs Astana Gede
3.3.situs Astana Cipanas

IV. Kabuyutan di Garut
4.1.situs Cangkuang
4.2.situs Pasir Lulumpang
4.2.1. Pasir Kiara Payung
4.2.2. Pasir Tengah
4.2.3. Pasir Kolecer
4.3.4. Pasir Astaria
4.3.5. Pasir Luhur
4.3.6. Pasir Gantung
4.3.7. Pasir Tunjung (Kadaleuman)

V. Kabuyutan di Tasikmalaya
1. situs Indihiyang

VI.Kabuyutan di Ciamis
5.1. situs Batu Kalde
5.2. situs Kanduruan
5.3. situs Kalipucang
5.4. situs Ronggeng
5.5. situs Karangkamulyan
5.6. situs Gunung Padang
5.7.situs Astana Gede (Kawali)
5.8. situs Susuru
5.9. situs Batu Panjang
5.10.situs Lengkong
(ieu nu katalungtik ku sikurig harita basa ngumpulkeun data > basa mulang ka Ciamis deui tahun 2002 sikuring diwartosan ku PemDa rehna nu kakempel di Ciamis dugi ka tahun 2000 teh aya kana 335 situs… mangga lenyepan)

VI. Kabuyutan di Kuningan
6.1. situs Sukasari
6.2. situs Susukan
6.3. situs Ciarca
6.4. situs Hulu Lingga
6.5. situs Cipari
6.6. situs Gunung Cireme
8.7. situs Panyusupan

VII. Kabuyutan di Bogor
7.1.situs Gunung Cibodas
7.2.situs Gunung Salak
7.3.situs Gunung Gede-Pangrango
7.4.situsBatutulis
7.5.situs Rancamaya
7.6.situs Pasir Angin

VIII.Kabuyutan di Cianjur
8.1.situs Gunung Padang
8.2.situs Lemah Duhur
8.3.situs Pasir Gede

IX.Kabuyutan di Sukabumi
9.1.situs Pangguyangan
9.2. situs Tugu Gede
9.3.situs Salak Datar

Tah ieu sadayana “TINGJALEGIR” keneh dugi ka ayeuna, warisan budaya karuhun Urang Sunda nu teu kapalire ku putra putuna, salian ti nu tos didangding ieu masih seu-eur keneh pisan nu kapendak enggal

Nyanggakeun

AMBU

Follow

Get every new post delivered to your Inbox.